Kembang-Kembang Petingan - Holisoh M.E.

Nu didongéngkeun dina Kembang-Kembang Petingan téh urut awéwé bangor. Ari pangna kungsi jadi ungkluk pédah salakina kawin deui ka ungkluk. Tepung jeung lalaki ngaran Handi, "langgananana" baheula. Terus kawin dijadikeun pamajikan anu kadua, minangka salakina anu kolot moal bisaeun boga turunan lantaran pianakanana geus dioperasi. 
Ngan hanjakal, lingkunganana anu anyar henteu narima aya urut ungkluk di dinya. katambah pamajikan salakina nu kolot ngontrog deuih. Pajarkeun téh usaha salakina dimodalan ku manéhna. Ari si "kuring", nyaéta urut awéwé bangor téa, harita téh keur nyiram. Bray wé lawang pananya muka: naha si "kuring" téh rék terus ngabéla hakna pikeun jadi jelema bener atawa rék balik deui kana jurang kanistaan? 

Judul buku: Kembang-Kembang Petingan
Pangarang; Holisoh M.E.
Kandel Buku: 185 kaca
Pangaos: Rp. 35.000,-