Kujang, Bedog, Jeung Topeng


Dalam seri Sundalana nomer 7 ini tersaji tulisan-tulisan yang pada garis besarnya dapat dikelompokkan ke dalam 3 golongan. 

Pertama, hasil-hasil penelitian dan survey mengenai budaya materi Sunda. Dalam golongan ini, disajikan 3 tulisan yang masing-masing membahas kujang, bedog dan topeng. 
Kedua, tulisan-tulisan yang berkaitan dengan aspek-aspek spiritual dari kehidupan masyarakat Sunda. Dalam golongan ini disajikan sebuah hasil penelitian filosofis mengenai pandangan-pandangan komunitas Sunda yang melekatkan dirinya pada situs Gunung Padang di Bandung, serta sebagaimana yang telah menjadi salah satu ciri khas seri Sundalana sebuah hasil transliterasi, terjemahan dan ringkasan isi teks Sunda kuna hasil penelitian para filolog, yang kali ini berisi ajaran klasik yang oleh para penelitinya diberi judul SEWAKA DARMA. 
Ketiga, tulisan-tulisan yang membahas bahasa Sunda, salah satu diantaranya merupakan tinjauan ahli linguistik mengenai implikasi sosiologis dari pemakaian kata ganti orang ketiga dalam bahasa Sunda, sedangkan satu tulisan lainnya berisi pandangan dan pengalaman seorang leksikografer yang menyusun kamus Inggris dan Inggris Sunda. 

JUDUL : KUJANG, BEDOG DAN TOPENG
PANGARANG : PUSAT STUDI SUNDA
KANDEL BUKU : 247 kaca
PANGAOS : RP.50.000,-

Kembang-Kembang Petingan - Holisoh M.E.

Nu didongéngkeun dina Kembang-Kembang Petingan téh urut awéwé bangor. Ari pangna kungsi jadi ungkluk pédah salakina kawin deui ka ungkluk. Tepung jeung lalaki ngaran Handi, "langgananana" baheula. Terus kawin dijadikeun pamajikan anu kadua, minangka salakina anu kolot moal bisaeun boga turunan lantaran pianakanana geus dioperasi. 
Ngan hanjakal, lingkunganana anu anyar henteu narima aya urut ungkluk di dinya. katambah pamajikan salakina nu kolot ngontrog deuih. Pajarkeun téh usaha salakina dimodalan ku manéhna. Ari si "kuring", nyaéta urut awéwé bangor téa, harita téh keur nyiram. Bray wé lawang pananya muka: naha si "kuring" téh rék terus ngabéla hakna pikeun jadi jelema bener atawa rék balik deui kana jurang kanistaan? 

Judul buku: Kembang-Kembang Petingan
Pangarang; Holisoh M.E.
Kandel Buku: 185 kaca
Pangaos: Rp. 35.000,-

Jurus Praktis Baca-Tulis Aksara Sunda "Kaganga"

Buku jurus praktis Baca-Tulis Aksara Sunda "Kaganga" ini hadir kehadapan pembaca, khususnya pelajar Sunda sebagai bagian dari generasi muda Sunda, dimaksudkan untuk memperkenalkan kembali aksara Sunda baku dan menjadi sarana mempelajari cara membaca dan menulis aksara Sunda dimaksud.
Pelbagai sarana yang sudah ada (misalnya buku bacaan) bagi upaya pelestarian Sastra, bahasa, dan aksara Sunda sebagaimana yang diamanatkan oleh Perda Provinsi Jawa Barat nomor 5 Tahun 2003.

JURUS PRAKTIS BACA-TULIS AKSARA SUNDA
Penulis: MULYANTO
Tebal buku: 91 halaman
Harga: Rp. 23.000,-

Hukuman Keur Raja Biadab -Lalakon Batara Rama 3

"Rahwana kula kapaksa ngaluarkeun Gunawijaya. Geura tungkul ka Hyang Agung, geura tanggah ka tempat pangbalikan sajati," tali gondéwa diwengkang. Piraku teu seubeuh manéh ngacak-ngacak dunya!" Gunawijaya dilepas. Jagat peteng dituturkeun sora kadia gunung bitu, marengan cahaya mancawura ka satungkebing langit. Barang mulang sabihari, Kunta gagaman Rahwana ilang musnah balik ka nu kagunganana, Hyang Jagatnata. Tutas ngancurkeun pakarang lawanna, Gunawijaya nyiriwik meulah angin, sarta teu kungsi lila kadéngé aya sora ngagoak. Sirah Rahwana sidik ngagelenceng, leupas tina janggana. 

_Lalakon Batara Rama 3_  
Judul Buku: Hukuman Keur Raja Biadab
Pangarang: Hidayat Soesanto 
Pangaos buku: Rp. 20.000,- 
Kandel buku: 88 kaca

Heulang nu Ngajak Béngbat - PPSS

Macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat tangtu baé macaan jengléngan idé saban pangarang. Macaan jengléngan kualitas sastrawi nu nyangkaruk na diri pribadina nu diéksprésikeun dina wangunan carpon, sajak, jeung naskah drama. Disawang tina kasang tukang, gaya, jeung pangalamanana katémbong henteu ragem. Atuh lebah kudu ngagayem karya gé éstu bakal cara ngagayem rujak, nu bahan katut rasana béda-béda téa.
Ngan nu tangtu, macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat, teu burung macaan harepan sastra Sunda ka hareupnakeun. Mudah-mudahan sastra Sunda ka hareupna salawasna ngagelarkeun karya nu mibanda ajén sastra nu hadé, nikmat dibacana turta gedé mangpaatna. 

Judul Buku: Heulang nu Ngajak Béngbat
Pangarang: PP-SS
Kandel Buku:131 kaca
Pangaos: Rp. 25.000,-

Guguritan - Ajip Rosidi

Dina sajarahna, guguritan téh lain asli "hasil budaya" urang Sunda. tapi hasil 'nginjeum' tina 'budaya Jawa' ngaliwatan para Bupati nu unggal taun kudu séba ka mataram basa Tatar Sunda aya dina kakuasaan Mataram ti abad ka-17. Di Mataram, para bupati kudu matuh sawatara waktu bari diajar rupa-rupa "budaya jawa" saperti undak-usuk basa, adat kabiasaan, tembang, guguritan jeung nganggitna, jrd. Mulang ka lembur, éta kabisa disebarkeun, pangpangna di lingkungan kulawarga jeung para ménak nu mendeng deuheus ka para Bupati. Ku kituna, guguritan kakara aya tapakna dina tulisan-tulisan abad ka-19 ka dieunakeun.
Dina ieu buku, guguritan nu dimaksud nyaéta dangdingan beunang para sastrawan Sunda anu umumna dimuat di média massa, mangrupa piwulang, gambaran rasa lirik nu nulisna, pedaran atawa cutatan lalakon nu geus aya, jsb. Guguritan dibédakeun jeung wawacan dina hal wawacan biasana leuwih panjang tur geus jadi buku anu aya lalakonan.

Judul Buku: Guguritan
Pangarang: Ajip Rosidi
Kandel Buku: 201 kaca
Pangaos: Rp. 44.500,-

Galuring Gending - Tatang Sumarsono

STOK BUKU HABIS TERJUAL.

Di Taman larangan - Surachman R.M.

Di Taman Larangan téh buku kumpulan puisi Surachman R.M. nu katilu dina basa Sunda. Méh sakabéh sajak dina ieu buku kungsi dimuat dina Majalah manglé. Di antarana, aya nu kapilih ku Ajip Rosidi pikeun antologi-antologi Sajak Sunda, Puisi Sunda Modern, Modern Sundanese Poetry, jeung Poémes Soundanais. Sabada dikumpulkeun, sawatara sajak diédit deui ku panyajakna. 

Ieu conto sajak Surachman nu aya dina buku Di Taman Larangan. 

_Prabu Pandu Reujeung Dewi Madrim_

Ku linghas linghas teuing, enung
tapi hih lindeuk geuning ngadeukeutan
jadi diayun-ambing ku rasa bingbang
dihuru napsu anu mangpaung

Naha ku dadak-sakala
ceuk soca enung tumanya
Tan wilangan taun mikangen
walon jantung keketegan

Beuki geregeteun pisan
basa enung méh teu engapan
Dikorbankeun ku cahaya kamar
urang ikelas narima kadar

Judul buku: Di Taman Larangan
Panyajak: Surachman R.M.
Kandel buku: 74 kaca
Pangaos: Rp. 20.000,-

Citraresmi - Eddy D. Iskandar

Citraresmi atau kadang disebut juga Pitaloka, adalah seorang putri raja yang begitu hebat dalam menegakkan martabat dan harga diri, yang bukan untuk kepentingan dirinya saja, melainkan demi nama baik orang Sunda sepanjang masa, meskipun jalan hidup yang terpaksa ditempuhnya amat memilukan. 

Kisahnya yang teramat memilukan dapat membuat air mata menitik, manakala kita mendengar kisahnya.

Peristiwa tragis yang menimpa Citraresmi terjadi sekitar tujuh abad lampau. Ia gugur karena mempertahankan harga diri.

Ikuti kisahnya dalam buku ini.

JUDUL : CITRARESMI RIWAYAT MENYAYAT PERANG BUBAT
PENGARANG : EDDY D. ISKANDAR
TEBAL BUKU : 90 HALAMAN
HARGA : RP. 20.000,-

Babalik Pikir - Samsoedi

Kawantu budak ngan hiji-hijina, Si Eméd diogo ku indungna. Ari tabéatna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, ana dititah kacida liwarna. Karesepna taya deui ngan ulin ampleng-amplengan. Alatan pamolahna nu sok musingkeun téa, bapana cilaka malah nepi ka hanteuna. Si Emédna mah angger baé ogoan, tara nolih kaayaan, tur sagala kahayangna kudu baé dicumponan. 
Dasar budak basangkal, remen migawé lampah salah, Si Eméd téh dina pamustunganana mah nepi ka dikerem di pangberokan sagala. Tah, nya ti harita Si Eméd babalik pikir, hayang ngeureunan kasalahan, éling di bebeneran. 

Kitu leuwih kurangna mah lalakon Si Eméd nu didongéngkeun ku Samsoedi dina Babalik Pikir téh. Lebah ngarang carita bacaeun barudak mah Samsoedi téh manukna. kapan hadiah sastra pikeun buku-buku bacaaeun barudak gé dingaranan Hadiah Sastra Samsudi. Bisi teu percaya mah, atuh leuwih hadé bukuna dibaca baé. 

Judul Buku: Babalik Pikir
Pangarang: Samsoedi
Kandel Buku: 72 kaca
Pangaos: Rp. 18.000,-

Aspek Visual Budaya Sunda - Pusat Studi Sunda

Seri Sundalana edisi 11 bertaut erat dengan seni rupa dan desain. Hawe Setiawan menelaah cara bentang alam Priangan dihadirkan di mata orang Eropa pada abad ke-19, terutama oleh Franz Wilhelm Junghuhn (1809-1864). Jamaludin mengkaji dasar-dasar Estetika yang ada di Tatar Sunda. Nedina Sari memusatkan perhatiannya pada pencarian bentuk alat santap yang tepat untuk menjawab tantangan meraknya wisata kuliner Sunda. Yan Yan Sunarya melihat perkembangan ragam hias batik di Priangan dan melakukan pengkajian estetika yang dibawakan bahan sandang berbasis kain itu. Syaifudin menginventarisasikan penanda-penanda yang sering digunakan orang Sunda saat berkutat di jejaring sosial. Selain itu, tersaji pula dua tulisan yang bertautan dengan literasi Sunda. Darpan menguji klaim bahwa cerita pendek Sunda baru muncul setelah terbitnya majalah Parahiangan (1929-1942) dan buku Dogdog Pangréwong (1930) karaya GS. Satu tulisan lagi terjemahan Inggris naskah Sunda Carita Parahiyangan (Kropak 406). terjemahan ini dikeejakan hawe Setiawan berdasarkan terjemahan Atja dan Saleh Danasasmita. 

Buku Esai ASPEK BUDAYA SUNDA
Penulis: Pusat Studi Sunda
Tebal buku: 164 halaman
Harga: Rp. 40.000,-

Ma Inung Néwak Cahaya


Eulis muntang kana leungeun Ma Inung, pageuh tipepereket. Handapeun korsi tunggu Ma Inung nyidik-nyidik cahaya.

"Cika-cika ma?" cék Eulis.
"Lain" témbal Ma Inung.
Lumar Ma?"
"Lain"
"Emas ma?"
"Teuing"
Inten Ma?"
"Teuing"
Ma Inung niat nyokot hiji, tapi barang rék gep kacekel, cahaya siga nu ngabalicet, lir néwak laleur, lindeuk japati, cahaya oyag lalaunan, siga cahaya lampu katiup angin lalaunan, pindah tempat tuluy ngagateng deui.

Kitu cutatan tina carpon "Ma Inung Néwak cahaya" salahsahiji carpon tina dua belas carpon yasana Mamat Sasmita. Hirup ukur nuturkeun indung suku jeung kerebekna sora beuteung nu kurang eusi. Ma Inung jeung Eulis, incuna, dumuk di setatsion karéta api. Da ngan didinya nu dianggap bisa nyumponan sangkan hirup terus lumangsung. Titingalian jeung wujudna nu ditingali can tangtu sarua, bisa jadi alatan pikiran nu keur ulin, kumalayang ka mana boa. eunteupna di mana boa. Carita kotemplasi nu matak narik kana ati.
 

Laleur Bodas

Basri hahadean jeung Lili. Dina hiji peuting, waktu keur nariis di Haur Duni, maranehna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Paniatanana meunang pangrojong ti lanceukna, Subita, bari dibantuan ku Gani jeung ku Gopur. Basri haben diganggu make rupa-rupa jalan, anu antukna mah hahadean jeung Lili ge jadi bolay, lantaran aya pitenah hasil reka perdaya Didi saparakanca. Sajeroning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti "Laleur Bodas", tepi ka manehna remen salamet tina laku jahat panggawe deungeun. Estu matak teu pikahartieun. Saha ari "Laleur Bodas" teh? Musuh anu nyamuni, atawa sobat satia anu kacida bumelana? Judul Buku: Laleur Bodas Pangarang: Samsu Kandel Buku: 92 kaca Pangaos: Rp. 23.000,-

Babu Kajajadén

Pangarang: Syarif Amin
Kandel buku:
Pangaos: Rp. 18.000,-

Kalapati


"Daun, tangkal, jeung manusa tuluy jaradi sarah. Palid dina caah umpalan ..." Cutatan kalimah di luhur bisa jadi ngawakilan téma carpon-carpon Hadi AKS nu aya dina ieu kumpulan. Ruksakna alam jeung rangsakna moral manusa kiwari, jadi jejer utama anu diguar ku pangarang dina dua belas carita pondokna. Tatar Sunda geus lain alam nu éndah matak waas, tapi tanah nu kebek ku mamala. Lemah cai kuring lain bumi nu matak tingtrim, tapi lemah nu dirungkup musibah; caah, urug, jeung sajabana. Nya kitu deui manusana. Urang Sunda nu kawéntar ku babasan hadé tata hadé basa, soméah hadé ka sémah, horéng geus ngajanggélék jadi jalma-jalma nu biadab teu boga ras-rasan. Bapa nu ngagadabah anak, indung nu maéhan anak, jalma-jalma anu silih curiga, nu ngajual kahormatan, nu silihpergasa, minangka potrét réalitas kiwari anu hayang ditémbongkeun ku pangarang. Dicaritakeun dina wirahma jeung gaya nu ngagalindeng, rupaning pasualan anu tadi téh karasa antebna, ngagerihan batin nu maca. Ngalenyepan carpon-carpon Hadi AKS dina ieu kumpulan carpon Kalapati, urang diajak nyurahan urang Sunda nu palid kabawa caah umpalan jaman


Judul: Kalapati
pangarang: Hadi AKS
Kandel buku:
Pangaos: Rp. 30.000,-

Masyitoh

Pangarang: Ajip Rosidi
Kandel buku: 100 kaca
Pangaos: Rp. 22.500,-

Kamus Danadibrata

KAMUS BASA SUNDA R.A. DANADIBRATA

Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda
Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran
(Edisi Hardcover)
Kamus basa Sunda medal deui. Ayeuna mah R.A. Danadibrata (1905-1987) nu nyusunna téh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun éta téh. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah éntrina pangréana, 40.000 kitu atuh.
Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda liana. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, éntrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 18.000 éntri. Demi Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 éntri.
Lebah dinya nyongcolangna Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata téh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus basa Sunda, sigana nya R.A. Danadibrata pisan nu bias ngalengkepan kandaga kamus Sunda. Geuning sidik basa Sunda téh beunghar.
Cit. I, 2006; 18,5 x 24,5 cm.; 782 kaca; ISBN 979-3631-93-7; Rp 275.000,-

KAMUS SUNDA - INDONESIA

KAMUS SUNDA - INDONESIA
Pengarang : R. SATJADIBRATA
Tebal buku :
Harga : Rp.65.000,-

KAMUS BASA SUNDA

KAMUS BASA SUNDA
Pengarang : R. SATJADIBRATA
Tebal buku : 426 halaman
Harga : Rp. 75.000,-

Urang Sunda Munggah Haji

Sakabeh carita pondok dina ieu buku aya muatan humorna tinu kasebutna carita pondok lucu, cara"Wadah Heucak", "Ku Tutur", jeung "Pibesaneun"; atawa situasi nu matak kapiasem lantaran ku kaayaan (komedi situasi) upamana wae dina "Ngantay" jeung "Ciri" nepi ka humor nu ngandung lenyepaneun ("Buka" jeung "Haji Murah").

Judul : URANG SUNDA MUNGGAH HAJI
Pangarang : MAMAN M.S.
kandel buku : 165 kaca
Pangaos : Rp. 33.500,-

Tatarucingan Urang Sunda

TATARUCINGAN URANG SUNDA (HUMOR/LULUCON)
Pengarang : RACHMAT TAUFIQ HIDAYAT & DARPAN, S.pd.
Tebal buku : 64 halaman
Harga buku : Rp. 15.000,-

Seuri Leutik

Pangarang: Ajip Rosidi
kandel buku:
Pangaos: Rp. 20.000,-

Dulag Nalaktak

Pangarang: H. Usep Romli H.M.
kandel Buku:
Pangaos: Rp. 13.000,-

Utara Utari

SI PASER

JUDUL BUKU : SI PASER
PANGARANG : TATANG SUMARSONO
KANDEL BUKU : 64 KACA
PANGAOS : RP. 14,400,-

Si Kabayan jadi Dukun

SI CEPOT HAYANGEUN KAWIN

Dina ieu buku dimuat carita wayang carangan, tapi dina tradisi wayang kulit Cirebon.

Ieu carita kungsi dimuat nyambung dina majalah CUPUMANIK kalawan ngagunakeun sandiasma Ibnu Sutawiria.

Judul : SI CEPOT HAYANGEUN KAWIN
Pangarang : AJIP ROSIDI
Kandel buku : 40 kaca
Pangaos : Rp. 10.000,-

Sasakala Bojong Emas

SASAKALA BOJONG EMAS (CARITA BARUDAK)
Pengarang : AAN MERDEKA PERMANA
Tebal buku : 52 halaman
Harga buku : Rp. 12.000,-

Patepung Di Langit Bandung

Oray Bedul Macok Mang Konod

ORAY BEDUL MACOK MANG KONOD (CARITA BARUDAK)
Pangarang : USEP ROMLI H.M.
tebal buku : 48 halaman
Harga : Rp. 13.500,-

Nu Ngageugeuh Legok Kiara

NU NGAGEUGEUH LEGOK KIARA (CARITA BARUDAK)
Pengarang : DADAN SUTISNA
Tebal buku : 51 halaman
Harga buku : Rp. 13.500,-

Muru Tanah Harepan

Pangarang; Aan Merdeka Permana
Kandel buku:
Pangaos:

Misteri haur Geulis

MISTERI HAUR GEULIS (CARITA BARUDAK)
Pengarang : DADAN SUTISNA
Tebal buku : 84 halaman
Harga buku : Rp. 17.500,-

Kabandang ku Kuda Lumping

KABANDANG KU KUDA LUMPING ( CARITA BARUDAK)
Pengarang : AHMAD BAKRI
Tebal buku : 72 halaman
Harga buku : Rp. 18.000,- 

Guha Karang Legok Pari

Nyi Kalimar Bulan

Pangarang: H.Usep Romli H.M.
Kandel buku: 40 kaca
Pangaos: Rp. 12.000,-

Si Sekar Panggung

Pangarang: Tatang Sumarsono
Kandel Buku:60 kaca
Pangaos: Rp. 15.000,-

Wilujeng Enjing

Judul: Wilujeng Enjing
Pangarang: Yus Rusamsi
Kandel buku:
Pangaos: Rp. 12.000,-

Teu Pegat Asih

Pangarang: Moh. Ambri
Kandel buku: 64 kaca
Pangaos: Rp. 15.000,-

Sri Panggung

Dina buku ieu, urang bisa nyawang kahirupan masarakat di kontrakan (perkebunan) enteh-anu miboga ciri jeung gaya sorangan, lantaran aya pangaruh budaya urang Walanda. Lalakon dina ieu carita lumangsung ti taun 40-an tepi 50-an. Ku kituna anu maca bakal weruh kana robahna ajen-inajen sosial tina alam kolonial ( Walanda jeung Jepang ) ka alam kamerdekaan. Tokoh dina carita ieu nyaeta Nyi Empat, tukang metik anu geulis tur sorana gahar. Nyi Empat sanajan ngan saukur jadi sinden, bisa nembongkeun yen dirina hormateun. Ma'lum harita jaman kolonial, awewe anu baroga bakat dina seni sora teh paling-paling jadi ronggeng anu biasana dianggap jadi kaulinan lalaki nu hayang ngalajur napsu.


Judul Buku : Sripanggung
Pangarang : Tjaraka
Pangaos : Rp. 21.000,-

Sapeuting di Cipawening

SAPEUTING di CIPAWENING
Kaayaan Cipawening nu beuki katangen kakukuh pengkuhanana sabada krisis minyak tanah. Ayeuna kasaksen pisan. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. Pangeusi lembur nu ngahargaan lingkungan alam sabudeureun pilemburan, ti mimiti puncak pasir pangluhurna nu dijadikeun leuweung ganggong simagonggong, nepi ka dataran panghandapna di babantar Citalaga.
“Sapeuting di Cipawening” – salah sahiji carpon dina ieu kumpulan carpon – ngagambarkeun kaayaan “lembur adat” nu kokolotna boga, ceuk istilah ayeuna, kearifan lokal, ngaliwatan tokohna nalika ngajalankeun tugas jurnalistik meuting di eta lembur. Tema carpon dina ieu buku lolobana diangkat tina masalah kahirupan jalma leutik di pilemburan Sunda nyanghareupan parobahan jaman, teu jauh tina tema karya-karya Usep samemehna.

Pangarang: H. Usep Romli H.M.
Kandel Buku: 
Pangaos: Rp. 22.000,-

Rusiah Kaopatwelas

Judul: Rusiah kaopatwelas
Pangarang: Darpan
Kandel buku:
Pangaos: Rp. 35.000,-

Pipisahan

Pipisahan nyarioskeun hiji istri anu ngadadak dipirak ku carogéna, ku margi mertuana anu pidunya sareng umaing. Ku pangarang ditéték kalayan imeut kedah ngantunkeun rorompok, carogé sareng putra-putrana, kumaha sedihna nguping tilas carogéna udur dugi ka hanteuna, kumaha kedah milari pangupajiwa sareng ngajagi dirina saparantos jadi randa ...?


Judul buku: PIPISAHAN
Pangarang: RAF
Pangaos buku Rp.27.000,-

Pangantén

Dina ieu roman urang tepung jeung Rinrin minangka tokoh utamana. Kabogohna, anu ngaranna Iyang alias Gumilang, maot nelasan maneh sanggeuw nyebutkeun hayang kawin teuing kasaha.

Leungiteun ku Iyang, terus layeut jeung Ben, baturna Iyang keneh tapi teu lana. 

Terus dalit jeung Suminar anu pada-pada resep ngalangeu bari nyingkur, sok ngaroko jeung nguyup arak.

Layeut pisan, dalah terus jadi lesbian.
Tapi Suminar ge maot deuih sanggeus nyebutkeun hayang kawin.

Kumaha carita satuluyna? Kumaha ahirna hirup Rinrin?.

PANGANTEN (ROMAN/NOVEL)
Pengarang : DEDEN ABDUL AZIZ
Tebal buku: 56 halaman
Harga buku : Rp. 15.000,-

Nyi Haji Saonah

Judul: Nyi haji Saonah
Pangarang: Sjarif Amin
Kandel buku: 100 kaca
Pangaos: 17.500

NU KAUL LAGU KALEON

NU KAUL LAGU KALEON
Da siga nu kawisaya atuh. Basa mangkatna nu kaul numbu hulu Kaleon, siga nu mayat. Henteu ngejat! Mimitina lemes sari-sari ngagerentes, tuluy ngabedasan, tapi kukuh dina latar buludru, lemes!
Naha tega-tega teuing
Teu sangka taya rasrasan
Kekejatan hayang nenjo jirimna nu kaul, hayang ningal ulatna. Sabab siga nu asa-asa kedalna padalisan Kaleon teh. Siga nu lalungse, cek tadi ge awalna mah siga ngagerentes.
Buku Nu Kaul Lagu Kaleon ngagambarkeun kumaha katapis RAF enggoning nulis ieu roman nu meunang Hadiah Rancage taun 1991. Pakait asihna hiji mojang nu diajar nembang jeung bujang nu ngajarna dicaritakeun kalawan subtil, teu bruk-brak ti awalna kawas roman jaman ayeuna. Karek di ahir carita, kakara kabuka kumaha hubungan silih pikacinta eta dua nonoman teh. Dina Nu Kaul lagu Kaleon, katempo tur karasa deuih RAF geus ngagunakeun basa Sunda nu kacida endahna.

Pangarang: RAF
Kandel buku: 92 kaca
Pangaos: Rp. 22.5000,-

Méy Lan

Cinta bisa ngahijikeun dua dunya anu béda. Cara kuring jeung Méy Lan, nu béda kasang tukang, tapi ngahiji dina beungkeutan asih nu suci.

Ieu buku kumpulan carita pondok Yayan Supriatna, ngagunakeun basa basajan, teu loba réréhan basa anu nyastra tapi babari kahartina, tepi ka nu maca gé teu loba mikir. Bisa jadi, dina jaman kamampuh basa di masarakat Sunda keur nyirorot (pan loba urang SUnda anu ngaku teu bisa cacarita Sunda jeung teu resep maca Sunda?), ieu buku bisa mawa keteteg ka urang Sunda sagemblengna malar daék mikacinta bacaan Sunda. (Aan Merdeka Permana- Redaktur Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh)



Judul Buku: Méy Lan
Pangarang: Yayan Supriatna
Kandel buku : 95 kaca
Pangaos: Rp. 19.500,-