Hukuman Keur Raja Biadab -Lalakon Batara Rama 3

"Rahwana kula kapaksa ngaluarkeun Gunawijaya. Geura tungkul ka Hyang Agung, geura tanggah ka tempat pangbalikan sajati," tali gondéwa diwengkang. Piraku teu seubeuh manéh ngacak-ngacak dunya!" Gunawijaya dilepas. Jagat peteng dituturkeun sora kadia gunung bitu, marengan cahaya mancawura ka satungkebing langit. Barang mulang sabihari, Kunta gagaman Rahwana ilang musnah balik ka nu kagunganana, Hyang Jagatnata. Tutas ngancurkeun pakarang lawanna, Gunawijaya nyiriwik meulah angin, sarta teu kungsi lila kadéngé aya sora ngagoak. Sirah Rahwana sidik ngagelenceng, leupas tina janggana. 

_Lalakon Batara Rama 3_  
Judul Buku: Hukuman Keur Raja Biadab
Pangarang: Hidayat Soesanto 
Pangaos buku: Rp. 20.000,- 
Kandel buku: 88 kaca