Heulang nu Ngajak Béngbat - PPSS

Macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat tangtu baé macaan jengléngan idé saban pangarang. Macaan jengléngan kualitas sastrawi nu nyangkaruk na diri pribadina nu diéksprésikeun dina wangunan carpon, sajak, jeung naskah drama. Disawang tina kasang tukang, gaya, jeung pangalamanana katémbong henteu ragem. Atuh lebah kudu ngagayem karya gé éstu bakal cara ngagayem rujak, nu bahan katut rasana béda-béda téa.
Ngan nu tangtu, macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat, teu burung macaan harepan sastra Sunda ka hareupnakeun. Mudah-mudahan sastra Sunda ka hareupna salawasna ngagelarkeun karya nu mibanda ajén sastra nu hadé, nikmat dibacana turta gedé mangpaatna. 

Judul Buku: Heulang nu Ngajak Béngbat
Pangarang: PP-SS
Kandel Buku:131 kaca
Pangaos: Rp. 25.000,-