Sri Panggung

Dina buku ieu, urang bisa nyawang kahirupan masarakat di kontrakan (perkebunan) enteh-anu miboga ciri jeung gaya sorangan, lantaran aya pangaruh budaya urang Walanda. Lalakon dina ieu carita lumangsung ti taun 40-an tepi 50-an. Ku kituna anu maca bakal weruh kana robahna ajen-inajen sosial tina alam kolonial ( Walanda jeung Jepang ) ka alam kamerdekaan. Tokoh dina carita ieu nyaeta Nyi Empat, tukang metik anu geulis tur sorana gahar. Nyi Empat sanajan ngan saukur jadi sinden, bisa nembongkeun yen dirina hormateun. Ma'lum harita jaman kolonial, awewe anu baroga bakat dina seni sora teh paling-paling jadi ronggeng anu biasana dianggap jadi kaulinan lalaki nu hayang ngalajur napsu.


Judul Buku : Sripanggung
Pangarang : Tjaraka
Pangaos : Rp. 21.000,-