Sapeuting di Cipawening

SAPEUTING di CIPAWENING
Kaayaan Cipawening nu beuki katangen kakukuh pengkuhanana sabada krisis minyak tanah. Ayeuna kasaksen pisan. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. Pangeusi lembur nu ngahargaan lingkungan alam sabudeureun pilemburan, ti mimiti puncak pasir pangluhurna nu dijadikeun leuweung ganggong simagonggong, nepi ka dataran panghandapna di babantar Citalaga.
“Sapeuting di Cipawening” – salah sahiji carpon dina ieu kumpulan carpon – ngagambarkeun kaayaan “lembur adat” nu kokolotna boga, ceuk istilah ayeuna, kearifan lokal, ngaliwatan tokohna nalika ngajalankeun tugas jurnalistik meuting di eta lembur. Tema carpon dina ieu buku lolobana diangkat tina masalah kahirupan jalma leutik di pilemburan Sunda nyanghareupan parobahan jaman, teu jauh tina tema karya-karya Usep samemehna.

Pangarang: H. Usep Romli H.M.
Kandel Buku: 
Pangaos: Rp. 22.000,-