NU KAUL LAGU KALEON

NU KAUL LAGU KALEON
Da siga nu kawisaya atuh. Basa mangkatna nu kaul numbu hulu Kaleon, siga nu mayat. Henteu ngejat! Mimitina lemes sari-sari ngagerentes, tuluy ngabedasan, tapi kukuh dina latar buludru, lemes!
Naha tega-tega teuing
Teu sangka taya rasrasan
Kekejatan hayang nenjo jirimna nu kaul, hayang ningal ulatna. Sabab siga nu asa-asa kedalna padalisan Kaleon teh. Siga nu lalungse, cek tadi ge awalna mah siga ngagerentes.
Buku Nu Kaul Lagu Kaleon ngagambarkeun kumaha katapis RAF enggoning nulis ieu roman nu meunang Hadiah Rancage taun 1991. Pakait asihna hiji mojang nu diajar nembang jeung bujang nu ngajarna dicaritakeun kalawan subtil, teu bruk-brak ti awalna kawas roman jaman ayeuna. Karek di ahir carita, kakara kabuka kumaha hubungan silih pikacinta eta dua nonoman teh. Dina Nu Kaul lagu Kaleon, katempo tur karasa deuih RAF geus ngagunakeun basa Sunda nu kacida endahna.

Pangarang: RAF
Kandel buku: 92 kaca
Pangaos: Rp. 22.5000,-