Méy Lan

Cinta bisa ngahijikeun dua dunya anu béda. Cara kuring jeung Méy Lan, nu béda kasang tukang, tapi ngahiji dina beungkeutan asih nu suci.

Ieu buku kumpulan carita pondok Yayan Supriatna, ngagunakeun basa basajan, teu loba réréhan basa anu nyastra tapi babari kahartina, tepi ka nu maca gé teu loba mikir. Bisa jadi, dina jaman kamampuh basa di masarakat Sunda keur nyirorot (pan loba urang SUnda anu ngaku teu bisa cacarita Sunda jeung teu resep maca Sunda?), ieu buku bisa mawa keteteg ka urang Sunda sagemblengna malar daék mikacinta bacaan Sunda. (Aan Merdeka Permana- Redaktur Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh)



Judul Buku: Méy Lan
Pangarang: Yayan Supriatna
Kandel buku : 95 kaca
Pangaos: Rp. 19.500,-