Ma Inung Néwak Cahaya


Eulis muntang kana leungeun Ma Inung, pageuh tipepereket. Handapeun korsi tunggu Ma Inung nyidik-nyidik cahaya.

"Cika-cika ma?" cék Eulis.
"Lain" témbal Ma Inung.
Lumar Ma?"
"Lain"
"Emas ma?"
"Teuing"
Inten Ma?"
"Teuing"
Ma Inung niat nyokot hiji, tapi barang rék gep kacekel, cahaya siga nu ngabalicet, lir néwak laleur, lindeuk japati, cahaya oyag lalaunan, siga cahaya lampu katiup angin lalaunan, pindah tempat tuluy ngagateng deui.

Kitu cutatan tina carpon "Ma Inung Néwak cahaya" salahsahiji carpon tina dua belas carpon yasana Mamat Sasmita. Hirup ukur nuturkeun indung suku jeung kerebekna sora beuteung nu kurang eusi. Ma Inung jeung Eulis, incuna, dumuk di setatsion karéta api. Da ngan didinya nu dianggap bisa nyumponan sangkan hirup terus lumangsung. Titingalian jeung wujudna nu ditingali can tangtu sarua, bisa jadi alatan pikiran nu keur ulin, kumalayang ka mana boa. eunteupna di mana boa. Carita kotemplasi nu matak narik kana ati.