Laleur Bodas

Basri hahadean jeung Lili. Dina hiji peuting, waktu keur nariis di Haur Duni, maranehna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Paniatanana meunang pangrojong ti lanceukna, Subita, bari dibantuan ku Gani jeung ku Gopur. Basri haben diganggu make rupa-rupa jalan, anu antukna mah hahadean jeung Lili ge jadi bolay, lantaran aya pitenah hasil reka perdaya Didi saparakanca. Sajeroning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti "Laleur Bodas", tepi ka manehna remen salamet tina laku jahat panggawe deungeun. Estu matak teu pikahartieun. Saha ari "Laleur Bodas" teh? Musuh anu nyamuni, atawa sobat satia anu kacida bumelana? Judul Buku: Laleur Bodas Pangarang: Samsu Kandel Buku: 92 kaca Pangaos: Rp. 23.000,-