Sanggeus Umur Tunggang Gunung

Bari ngalempréh teu daya teu upaya, Japarana nyileuk. Kabéh geus laleungitan ti sakuriling dirina. Sora tonggérét. Sora turaés. Dalah sora sinsow ragaji mesin nu ngagalaksak ogé, geus teu kadéngé. Bareng jeung rubuhna tatangkalan. Bareng jeung bungbangna leuweung, bulistirna pasir jeung gundulna gunung.

"Sagala karasa. Sagala kaharti. Sanggeus sagala karasa nyiksa awak," Japarana humarurung. Nahan kanyeri. Nahan kahanjelu. Nahan pananya, naha malakalmaot tacan datang mapag. Jeung ngira-ngira kasanggup nanggung jawab rupa-rupa kalakuan, ti barang kasebut balég nepi ka umur tunggang gunung, di mahkamah yaumul ahir engké.

Judul: Sanggeus Umur Tunggang Gunung
Pangarang: H. Usép Romli H.M.
Kandel buku: 95 kaca
Pangaos: Rp. 22.000,-