Nu Harayang Dihargaan

Nu Harayang Dihargaan

Pirajeuneun macaan Nu Harayang Dihargaan beunang Darpan. Bet kajurung mikiran nu garoreng milik bangsaning bulu taneuh atawa cacah kuricakan. Eusining batin maranehna katut kaayaan di pakumbuhanana ku Darpan sasatna diwadahan.Ari nu jadi wadahna puguh we basa nu luyu jeung kahirupan jalma-jalma nu dilalakoneunana. Estuning teu gumenak basana teh, tapi deukeut-deukeut kana b
asa kaom cacah dina hirup kumbuh sapopoe. Ongkoh Darpan mah jolna ti pakaleran, lain ti puseur Priangan. Nya ku cara kitu, cek pangrasa, Darpan geus milu ngahirup-huripkeun sastra Sunda jaman ayeuna. (Hawe Setiawan)



Judul Buku: Nu Harayang Dihargaan
Pangarang: Darpan
Pangaos buku: Rp. 44.000,-