Di Taman larangan - Surachman R.M.

Di Taman Larangan téh buku kumpulan puisi Surachman R.M. nu katilu dina basa Sunda. Méh sakabéh sajak dina ieu buku kungsi dimuat dina Majalah manglé. Di antarana, aya nu kapilih ku Ajip Rosidi pikeun antologi-antologi Sajak Sunda, Puisi Sunda Modern, Modern Sundanese Poetry, jeung Poémes Soundanais. Sabada dikumpulkeun, sawatara sajak diédit deui ku panyajakna. 

Ieu conto sajak Surachman nu aya dina buku Di Taman Larangan. 

_Prabu Pandu Reujeung Dewi Madrim_

Ku linghas linghas teuing, enung
tapi hih lindeuk geuning ngadeukeutan
jadi diayun-ambing ku rasa bingbang
dihuru napsu anu mangpaung

Naha ku dadak-sakala
ceuk soca enung tumanya
Tan wilangan taun mikangen
walon jantung keketegan

Beuki geregeteun pisan
basa enung méh teu engapan
Dikorbankeun ku cahaya kamar
urang ikelas narima kadar

Judul buku: Di Taman Larangan
Panyajak: Surachman R.M.
Kandel buku: 74 kaca
Pangaos: Rp. 20.000,-