Babalik Pikir - Samsoedi

Kawantu budak ngan hiji-hijina, Si Eméd diogo ku indungna. Ari tabéatna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, ana dititah kacida liwarna. Karesepna taya deui ngan ulin ampleng-amplengan. Alatan pamolahna nu sok musingkeun téa, bapana cilaka malah nepi ka hanteuna. Si Emédna mah angger baé ogoan, tara nolih kaayaan, tur sagala kahayangna kudu baé dicumponan. 
Dasar budak basangkal, remen migawé lampah salah, Si Eméd téh dina pamustunganana mah nepi ka dikerem di pangberokan sagala. Tah, nya ti harita Si Eméd babalik pikir, hayang ngeureunan kasalahan, éling di bebeneran. 

Kitu leuwih kurangna mah lalakon Si Eméd nu didongéngkeun ku Samsoedi dina Babalik Pikir téh. Lebah ngarang carita bacaeun barudak mah Samsoedi téh manukna. kapan hadiah sastra pikeun buku-buku bacaaeun barudak gé dingaranan Hadiah Sastra Samsudi. Bisi teu percaya mah, atuh leuwih hadé bukuna dibaca baé. 

Judul Buku: Babalik Pikir
Pangarang: Samsoedi
Kandel Buku: 72 kaca
Pangaos: Rp. 18.000,-