Kalapati


"Daun, tangkal, jeung manusa tuluy jaradi sarah. Palid dina caah umpalan ..." Cutatan kalimah di luhur bisa jadi ngawakilan téma carpon-carpon Hadi AKS nu aya dina ieu kumpulan. Ruksakna alam jeung rangsakna moral manusa kiwari, jadi jejer utama anu diguar ku pangarang dina dua belas carita pondokna. Tatar Sunda geus lain alam nu éndah matak waas, tapi tanah nu kebek ku mamala. Lemah cai kuring lain bumi nu matak tingtrim, tapi lemah nu dirungkup musibah; caah, urug, jeung sajabana. Nya kitu deui manusana. Urang Sunda nu kawéntar ku babasan hadé tata hadé basa, soméah hadé ka sémah, horéng geus ngajanggélék jadi jalma-jalma nu biadab teu boga ras-rasan. Bapa nu ngagadabah anak, indung nu maéhan anak, jalma-jalma anu silih curiga, nu ngajual kahormatan, nu silihpergasa, minangka potrét réalitas kiwari anu hayang ditémbongkeun ku pangarang. Dicaritakeun dina wirahma jeung gaya nu ngagalindeng, rupaning pasualan anu tadi téh karasa antebna, ngagerihan batin nu maca. Ngalenyepan carpon-carpon Hadi AKS dina ieu kumpulan carpon Kalapati, urang diajak nyurahan urang Sunda nu palid kabawa caah umpalan jaman


Judul: Kalapati
pangarang: Hadi AKS
Kandel buku:
Pangaos: Rp. 30.000,-