Mapag Perang Barata


Salah sahiji bagian nu penting dina Mahabharata téh nyaéta basa Dorna mapatahan murid-muridna (Kurawa jeung Pandawa) ngécéng manuk. Murid nu séjén nyaritakeun naon nu katénjo ku maranéhna waktu keur ngécéng, salian ti hulu manuk anu kudu dipanah. Ngan Arjuna mah séjén deui téténjoanana téh. Manéhna ukur nénjo hulu manuk wungkul, henteu nénjo deui nu séjénna.
Dina Mapag Perang Barata, Ahmad Bakri ogé nyaritakeun adegan antara Dorna jeung Prabu Drupada atawa Déwi Kunti jeung Karna (anak ti Batara Surya, rakana Pandawa) nu éstuning matak ngangres. Atuh pasipatan sawatara tokoh penting kulawarga Bhatara ditéték, kayaning: Drestarata, Sakuni, balad Kurawa, Déwi Kunti, Pandawa Lima, jeung nu séjénna.
Ku katapisan dina nulis, Ahmad Bakri bisa masieup Mapag Perang Barata jadi bacaan anu pikaresepeun. Témpona gancang, henteu aya bagian nu ngulibek matak bosen atawa kaleuleuwihi dina nyaritakeun hiji hal.

Mapag Perang Barata
Ahmad Bakri
64 kaca

Rp. 15.000,-