Jagat Carita

JAGAT CARITA ( HAWE SETIAWAN )

Ieu buku, bisa jadi buku kumpulan carpon munggaran nu ngariungkeun karya sastra pangarang dunya dina basa Sunda. Nu geus medal mah rereana dina wangung novel.

Opat welas pangarang ngariung dina JAGAT CARITA. Tilu diantarana kungsi dileler Hadiah Nobel Sastra; Rabindranath Tagore, Luigi Pirandello jeung Herman Hesse. Ku lantaran nu ngarangna euyeub, norojol ti rupa-rupa bangsa, rasa jeung nuansa carpon-carpon dina ieu buku beda-beda. Cocog pisan dibaca ku urang Sunda pikeun babandingan, ngajembaran panalar kana karya-karya sastra bangsa lian.

JAGAT CARITA (HAWE SETIAWAN)
Tebal buku : 152 halaman
Harga : Rp.30.000,-