Geus Surup Bulan Purnama


GEUS SURUP BULAN PURNAMA


Yous Hamdan
(Dilélér Hadiah Rancagé 2006)
Geus Surup Bulan Purnama nyaritakeun suasana nalika Rosul pupus: alum nguyungna para saha­bat jeung reueuk ceudeumna langit Madinah ha­ri­ta. Waktu maca ieu carpon, pikiran jeung rara­saan urang bakal dibawa ka hiji mangsa, ka hiji tempat, nu kahalang ku anggang waktu rébuan taun. Implengan urang bakal anjog ka dinya, ka hiji tempat: bumi Rosululloh. Urang asa ningal la­yon Rosul nu ngalungsar, alumna para sahabat, juuhna cimata, sareng Bilal nu nyuuh, kalebuh di­na kasedih jeung kapeurih batinna. — AHMAD HADI

Citakan I, 2005; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca; ISBN 979-3631-63-5; Rp 19.000,-