Di Taman Larangan téh buku kumpulan puisi Surachman R.M. nu katilu dina basa Sunda. Méh sakabéh sajak dina ieu buku kungsi dimuat dina Majalah manglé. Di antarana, aya nu kapilih ku Ajip Rosidi pikeun antologi-antologi Sajak Sunda, Puisi Sunda Modern, Modern Sundanese Poetry, jeung Poémes Soundanais. Sabada dikumpulkeun, sawatara sajak diédit deui ku panyajakna.
Ieu conto sajak Surachman nu aya dina buku Di Taman Larangan.
_Prabu Pandu Reujeung Dewi Madrim_
Ku linghas linghas teuing, enung tapi hih lindeuk geuning ngadeukeutan jadi diayun-ambing ku rasa bingbang dihuru napsu anu mangpaung
Naha ku dadak-sakala ceuk soca enung tumanya Tan wilangan taun mikangen walon jantung keketegan
Beuki geregeteun pisan basa enung méh teu engapan Dikorbankeun ku cahaya kamar urang ikelas narima kadar
Judul buku: Di Taman Larangan Panyajak: Surachman R.M. Kandel buku: 74 kaca Pangaos: Rp. 20.000,-